Carita babad sering disebut oge dongeng babad sabab carita babad teh ngandung unsur sajarah jeung legenda. Babad nyaritakeun kajadian-kajadian penting jaman baheula, tapi mindeng dibumbuan ku unsur-unsur gaib, mitos, jeung legenda, sahingga jadi carita anu menarik pikeun dibaca jeung didengekeun.