Assalamu'alaikum Wr. Wb. Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti Allah SWT, nu parantos masihan rahmat sareng hidayah-Na ka urang sadayana. Dina dinten ieu, sim kuring salaku wawakil ti kelas 6, hoyong ngahaturkeun nuhun ka sadaya guru anu parantos ngabimbing sareng ngadidik sim kuring salami 6 taun. Ka adi-adi kelas, mugia tiasa neraskeun diajar kalayan sumanget. Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya kalepatan. Wassalamu'alaikum Wr. Wb.